Statistik Pengunjung

Wednesday, October 2, 2013

Dongeng Bahasa Sunda



Dibawah ini adalah dongeng bahasa sunda tentang ciung wanara, yang merupakan dongeng dari daerah jawa barat. monggo bagi agan-agan yang ingin baca!


CIUNG WARNARA

Kacaturkeun di karajaan galuh, anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita teh nyaeta prabu Brama Wijaya Kusuma. Anjeuna boga permaisuri dua nu kahiji Dewi Naga Ningrum ari nu kadua Dewi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna Dewi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna kasep jeung mulus, di ngaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti Harita Dewi Naga Ningrum oge ngalahirkeun diparajian ku Dewi Pangrenyep. Orokna lalaki deui tapi ku Dewi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Dewi Naga Ningrum teh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saestuna di asupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus di palidkeun ka Citanduy.
Mireungeuh ku kaayaan kitu, sang prabu kacida ambekna ka Dewi Naga Ningrum
“hey Ningrum maneh kacida ngawiwirangna ka kaula nu jadi raja, sabab maneh teh geus ngalahirkeun anak anjing.” Ceuk Prabu Brama Wijaya Kusuma.
“Ampun kakang, teu pisan- pisan hamba seja ngawiwirang paduka. Hamba oge teu ngaharepkeun ngalahirkeun anak anjing” ceuk Dewi Naga Naga Ningrum.
Saking ambekna, sang prabu nitah ki lengser supaya maehan Dewi Naga Ningrum.
“Ki kadieu yeuh, bawa ieu permaisuri paehan” ceuk parabu Brama Wijaya Kusuma.
“timbalan gusti prabu” ceuk Ki Lengser.
Dewi Naga Ningrum dibawa ku lengser tapi henteu di paehan. Ku lengser di selongkeun kaleuweung anu jauh ti dayeuh Galuh. Ari kandaga anu di balikeun tea, nyangsang dina badodon tataheunan lauk aki jeung nini Balangantrang. Barang aki jeung nini balangantrang neang tataheunana kacida bungahna meunang kandaga teh. Leuwih-leuwih saenggeus nyaho yen dijerona aya orok lalaki anu mulus tur kasep.
“Ni…Nini.., kadieu ! ieu aki meunang kandaga” ceuk Aki Balangantrang.
“Euleuh enya, naon eusina Ki?” ceuk nini Balangantrang.
“Ieu ni aya orok mani kasep pisan” tembal si Aki.
“Alhamdulillah, ayeuna urang boga budak” tembal si Nini.
Gancangna budak teh dirawu dipangku dibawa kalemburna nyaeta lembur Geger  Sunten, sarta diaku anak. Kacaritakeun budak teh geus gede. Tapi masih keneh can di ngaranan. Hiji poe budak teh milu kaleuweung jeung aki Balangantrang. Nenjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka aki Balangantrang eta manuk.
“Ki eta manuk naon mani alus pisan?” Tanya si budak bari tutunjuk.
“Oh eta, eta teh ngarana manuk ciung” tembal si aki.
Tuluy nenjo monyet, nanyakeun deui ngarana.
“Ari  nu eta naon ki?” ceuk budak bari tutunjuk deui.
“Tah eta mah ngarana Wanara” ceuk aki.
Budak teh resep kana eta ngaran, tuluy menta supaya manehna di ngaranan Ciung Wanara. aki jeung nini Balangantrang satuju. Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasep sarta gagah pilih tanding. Ari endogna tea di sileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poe, ciung wanara pamitan ka aki jeung nini Balangantrang, sabab rek nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngelek hayam jago tea. Barang nepi ka Alun-alun amprok jeung patih Purawesi katut patih Puragading. Nenjo Ciung Wanara mawa hayam jago, eta dua patih teh ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk bae hayam teh diadukeun. Hayam patih eleh nepi ka paehna. Dua patih ngambek, barang rek ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru lapor ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lengser. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton Ciung Wanara ngajak ngadu hayam. Duanana make tandon. Lamun hayam Ciung Wanara eleh, tandona nyawa Ciung Wanara. Sabalikna laum hayam raja nu eleh, tandona nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris di jenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk bae atuh hayam teh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara teh kadeseh terus kapaehan. Ku Ciung Wanara di bawa ka sisi Cibarani,Di mandian nepi ka elingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang nyurup kana hayam Ciung Wanara. Saenggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja eleh nepi kapaehna.
Luyu jeung janjina Ciung Wanara dibere Nagara sabeulah, Beulah kulon. Di jenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Brama Wijaya Kusuma. Ari nagara sabeulah deui Beulah wetan di bikeun ka Hariang Banga. Ku kabinekasan ki Lengser, Ciung Wanara bias patepung deui jeung indungna nyaeta Dewi Naga Ningrum.
Lila-lila reka perdaya Dewi Pangrenyep teh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh, Dewi pangrenyep teh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yen indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu eleh sabab sarua saktina tapi lila-lila mah hariang banga teh kadeseh ku Ciung Wanara. Haring Banga di balangkeun ka wetaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan galuh jadi dua bagian teh. Kuloneun Cipamali di cangking ku Ciung Wanara, ari wetaneunana di cangking ku Hariang Banga.


semoga bermanfaat sobat!

1 comment: