PIDATO BAHASA SUNDA (BIANTARA)
Biantara atau dalam bahasa indonesia yaitu "pidato" adalah seseorang yang berbicara di hadapan orang banyak mengenai suatu hal dan tujuan tertentu. berpidato adalah salah sau tugas praktek bahasa indonesia bagi para pelajar. dibawah ini adalah contoh pidato namun menggunakan bahasa sunda. khususnya untuk rekan-rekan yang sedang menuntut ilmu di jawa barat yang menjadikan bahasa sunda sebagai salah satu mata pelajaran muatan lokal nya.
Follow me on Twitter!
![]() |
Pidato |
Assalamualaikum Wr. Wb
Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji
sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, ku jalaran kudrot sareng irodatna urang
sadaya tiasa ngumpul ngariung patepung lawung paamprok jonghok dina tempat anu
mulya ieu. Dewan juri pasanggiri anu ku simkuring dipihormat, rerencangan
sadaya anu ngiring ngarojong dina ieu pasanggiri anu ku simkuring dipideudeuh.
Dina biantara ieu, simkuring bade ngabantun tema
nyaeta “Sumanget Kabangsaan” anu jejerna “Ngawaris Sumanget Juang Para Pahlawan”.
Sakumaha nu parantos ka uninga ku urang sadaya, yen pajuangan para pahlawan
dina ngabela nagara teh teu
kinten-kinten tohtohanana. Aranjeunana rela ngorbankeun jiwa sinareng raga
pikeun ngahontal cita-cita anu mulya nyaeta “Kamerdekaan Bangsa Indonesia”.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, kagambar dina
emutan urang sadaya, kumaha rongkahna rahayat Indonesia sasarengan mayunan
sagala kamungkaran anu timbul saparantos ultimatum di lancarkeun ku pihak
panjajah. Kumaha gagahna para putra Indonesia dina mayunan tantara musuh anu
pakarangna langkung kuat tibatan tantara urang. Sok sanaos kitu, ungggal
jeungkal tina lemah cai Indonesia ku aranjeunana dipertahankeun. Sanaos mung
nganggo pakarang “Bambu runcing” rahayat Indonesia anu ngagaduhan jiwa kapahlawanan
“Cadu munghuk haram dempat lamun kudu mulang tina pakalangan” haram kudu serah bongkokan janten patalukan
panjajah sanaos dihihileudan ku rupaning propokasi tur intimidasi.
Eta ancaman sadaya teh teu ngajantenkeun para
pahlawan sieun atawa geumpeur. Aranjeunana parantos ngabuleudkeun patekadan
“leuwih hade paeh bari makalangan tibatan hirup ngayuni bangke”. Aranjeunana
bajuang teh estu bener-bener ngajalankeun kawajiban ka lemah cai. Kalawan
kayakinan tur sumanget nu ngagedur bari rempug jukung sauyunan.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, diantawis para
pahlawan henteu sakedik jumlahna anu
gugur, perlaya di dana laga,teu kantos papendak heula jeung kulawargana.
Aranjeunana janten papaes taman makam pahlawan mangrupi kusuma bangsa.
Sanaos para pahlawan parantos ninggalkeun urang
sadaya tapi sumangetna masih tetep tumetep ngancik di kaum patriotik, jasana
dipieling janten panghias sajarah.
Jentre pisan kangge urang sadaya, yen para putra
Indonesia nu gugur janten pahlawan maotna moal percuma. Sabab aranjeunana maot
ninggalkeun dharma baktina. Jasa tur dharma bakti aranjeunana ku urang kasaksen
tur karaos dina wujud kamerdekaan nu parantos ditebus ku ngocorna getih para
pahlawan tur keclakna cimata kulawargana.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat, ayeuna kantun
urang sadayana pikeun neraskeun pajuangan suci para pahlawan ku cara ngeusian
kamerdekaan ku pangwangunan , ngawujudkeun kasejahteraan, ngamajukeun elmu
pangaweruh tur nyerdaskeun bangsa.
Rupina mung sakitu anu tiasa kasanggem, bilih
langkung saur bahe carek, bilih aya cariosan nu teu ka ukur, aya sabda nu teu
kangiang-ngiang, pondok nyogok panjang nyugak, hapunten tina sagala kalepatan.
Wasalamualaikum Wr. Wb.